nada nu aya dina kawih manuk dadali ??? jeung tema nu aya dina manuk dadali??
B. Daerah
salmarahmawati21
Pertanyaan
nada nu aya dina kawih manuk dadali ??? jeung tema nu aya dina manuk dadali??
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih
Kelas : XI (2 SMA)
Pembahasan :
Kawih mangrupa salahsahiji rupa lalaguan Sunda. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda, nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang. Kawih, kakawihan jeung tembang, umpama ditilik tina rumpakana, oge mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Kawih jeung kakawihan mangrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupa wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta kaiket ku aturan pupuh.
Nada tina kawih Manuk Dadali nyaeta sumanget jeung reueus kana kagagahan manuk dadali anu jadi perlambang Indonesia Jaya. Sedengkeun tema nu aya dina kawih Manuk Dadali nyaeta ngeunaan nasionalisme atawa kareueus ka bangsa jeung nagara Indonesia. Nada jeung tema teh mangrupa unsur-unsur anu aya dina rumpaka kawih. Unsur lianna anu aya dina rumpaka kawih nyaeta rasa jeung amanat.
Aturan anu aya dina pupuh sok disebut guru lagu jeung guru wilangan. Jadi, kawih nyaeta wangun puisi anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan. Sanajan kawih henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, dina rumpaka kawih aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa eusi rumpaka kawih, nyaeta unsur tema atawa jejer, nada jeung suasana, rasa, sarta amanat.
Tema atawa jejer kawih nyaeta hal poko anu ngajiwaan eusi rumpaka kawih. Nada jeung suasana kawih nyaeta sikep anu nulis rumpaka kawih anu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca kawih. Rasa kawih nyaeta anu ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan nu aya dina rumpaka kawih. Amanat kawih nyaeta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku anu ngahaleuangkeun kawih atawa anu ngarang kawih ka anu maca atawa anu ngaregepkeun eta kawih.