lamun urang melak cabe moal matak jado bonteng lamun urang melak hade moal metàk jadi goreng wangun di luhur disebutna a.sisindiran b.rarakitan c.paparikan d.wa
Pertanyaan
moal matak jado bonteng
lamun urang melak hade
moal metàk jadi goreng
wangun di luhur disebutna
a.sisindiran
b.rarakitan
c.paparikan
d.wawangsalan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Wangun di luhur disebutna (b.) rarakitan. Rarakitan nyaeta salah sahiji rupa tina sisindiran. Sedengkeun sisindiran nyaeta salah sahiji wangun puisi Sunda. Aya tilu rupa sisindiran nyaeta rarakitan, paparikan jeung wawangsalan. Umpama ditilik tina eusi atawa maksud sisindiran, aya tilu rupa oge sisindiran, nyaeta sisindiran nu eusina mangrupa piwuruk, sisindiran nu eusina silih-asih, jeung sisindiran nu eusina sesebred atawa heureuy.
Pembahasan
Dina sapada rarakitan jeung paparikan aya opat padalisan. Dina sapada wawangsalan mah ngan saukur aya dua padalisan. Dina unggal padalisan sisindiran biasana aya dalapan engang. Dina sisindiran aya bagean cangkang jeung bagean eusi. Dina rarakitan jeung paparikan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi. Dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi.
Sacara salewat rarakitan rek siga sarua jeung paparikan. Ciri utama rarakitan nyaeta aya kekecapan di awal padalisan kahiji anu disebutkeun deui di awal padalisan katilu, jeung aya kekecapan di awal padalisan kadua anu disebutkeun deui di awal padalisan kaopat. Sedengkeun dina paparikan mah kekecapanaa leuwih bebas dibandingkeun jeung rarakitan. Ku kituna sisindiran anu di luhur teh kaasupna kana sisindiran rarakitan.
Sisindiran rarakitan nu di luhur teh aya salah nulis saeutik, di handap ieu dituliskeun deui eusi eta sisindiran rarakitan anu geus dikoreksi:
Lamun urang melak cabe
moal matak jadi bonteng
lamun urang melak hade
moal matak jadi goreng
Pelajari lebih lanjut
- Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912
- Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
- Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran
Bab : 4
Kode : 8.13.4
Kata Kunci : Rarakitan, sisindiran