Seni

Pertanyaan

jieun minimal 5 paragraf pangalaman basa ka pantai pangandaran

1 Jawaban

  • Kelas : SMP
    Mata Pelajaran : Seni dan Budaya
    Kategori : Bahasa Sunda
    Kata Kunci : Basa Sunda, Budaya Sunda, Karya Tulis Bahasa Sunda, Art


    Harita pas liburan semesteran, simkuring jeung keluarga liburan ka pantai Pangandaran, Ciamis, Jawa Barat. Saking atohna simkuring tos nyiapkeun sagala rupi tisaacanna , siga acuk, emameun, parabotan kanggo ngojay, jeung sajabana. Dina liburan ieu, teu hilap simkuring oge ngajak rerencangan.

    Simkuring sakeluarga angkat nganggo mobil ti Jakarta tabuh 2 wengi supados teu macet sareng tereh dugi ka tempat tujuan. Simkuring ngaraos tunduh keneh pas angkat, tapi sakaligus atoh oge  tos teu sabar hoyong ngojay. Sapanjang jalan simkuring seuseueurna kulem, dugi ka teu karaos tos bade dugi deui.

    Dugina di Pangandaran kirang leuwih tabuh 11 siang, simkuring sakeluarga langsung ka hotel kanggo nurunkeun barang - barang. Saatos nurunkeun barang dilanjutkeun kana acara tuang. Simkuring sakeluarga mesen emameun serba seafood, aya udang, sate cumi, lauk bakar, tumis kangkung, sareng eueutna es kalapa muda.


    Rengse tuang, simkuring sareng rerencangan ameng ka pantai. Urang duaan nyobian ngadamel istana tina pasir pantai tapi gagal, atos bosen ahirna nyobian ngojay, ombakna lumayan ageung janten simkuring teu wantun tebih - tebih teuing. Pas waktuna panon poe surup, simkuring calik ningalikeun kaendahan layung.

    Sawaktos tuang wengi, sakantenan tuang simkuring sakeluarga di hibur ku pagelaran musik khas sunda nyaeta kesenian Kecapi Suling. Ningali langsung hal ieu janten pangalaman mimiti kanggo simkuring. Rengse tuang simkuring langsung ka kamar kanggo istirahat. 


    That's all from me. Vote for the brainliest answer ;)
    Cheers!

Pertanyaan Lainnya