B. Daerah

Pertanyaan

jieun wangsalan tina Baju

1 Jawaban

  • Nu perlu dilakukeun sangkan bisa nyieun wawangsalan nyaeta kudu mikawanoh naon nu dimaksud wawangsalan. Wawangsalan nyaeta salah sahiji rupa tina sisindiran. Sisindiran nyaeta salah sahiji rupa tina wangun puisi Sunda. Lamun dina sastra Indonesia mah sisindiran teh sarua jeung pantun. Aya tilu rupa sisindiran nyaeta wawangsalan, paparikan jeung rarakitan. Dina sisindiran aya bagean cangkang atawa sampiran jeung bagean eusi.  

    Pembahasan

    Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Sedengkeun dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi. Di handap ieu nyaeta conto wawangsalan nu wangsalna baju:

    Dipake nutupan awak

    Tong maksa mun teu panuju (wangsalna baju)

    Cara maham wawangsalan nyaeta yen harti padalisan kahiji murwakanti jeung salah sahiji kecap nu aya dina padalisan kadua. Saperti dina wawangsalan di luhur, harti padalisan kahiji nyaeta baju. Kecap baju murwakanti jeung salah sahiji kecap nu aya dina padalisan kadua nyaeta panuju. Kecap baju murwakanti jeung kecap panuju. Dina unggal padalisan sisindiran biasana aya dalapan engang.

    Purwakanti antar padalisan nu aya dina paparikan jeung rarakitan mah bisa jelas kaciri, sedengkeun purwakanti antar padalisan nu aya dina wawangsalan kudu ditilik saperti nu geus dijelaskeun di luhur. Ditilik tina eusi atawa maksudna, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta aya sisindiran nu eusina mangrupa piwuruk, silih asih jeung sesebred.

    Pelajari lebih lanjut

    • Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912
    • Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
    • Conto pantun nyindir sifat babaturan https://brainly.co.id/tugas/13484791

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran

    Bab : 4

    Kode : 8.13.4

    Kata Kunci : Nyieun wawangsalan

Pertanyaan Lainnya